Home » LIVE » Nungguan Berangkat ka Ustrali

Nungguan Berangkat ka Ustrali

Pikeun kuring aya waktu dua bulan ti mimiti dibere ‘bekel’ keur indit ka Ustrali kana prungna indit. Eta waktu dua bulan teh tangtuna bae teu karasa lila pikeun kuring mah. Meureun keur nu ngarep-ngarep bari ngitung ti poe ka poe mah, tangtungna bae bakal karasa lilana. Ti mimiti mulang ti tempat pembekalan, pigaweeun geus murudul. Aya wae sanghareupaneun ti poe ka poe teh. Ceuk piwejang di pembekalan mah, nu rek indit ka Ustrali dina waktu musim tiris (Juni-Agustus), kahade kudu nyiapkeun: long jhon, kaos kaki wol, syal wol, baju haneut bulu soang, kupluk, sarung tangan, sapatu bot, jeung rea-rea deui.

Kuring ukur bisa mesem ningali yen loba pisan barang nu kudu disiapkeun (=dibeuli). Ti mimiti nu teu wauh-wauh acan nu kumaha rupana saperti long jhon nepika sapatu bot. Atuh sabarahaeun tah piduiteunna mun kuring meuli, mangkaning boro-boro meuli nu kararitu rupa, keur dahar ge rada ripuh kondisi finasial kuring teh. Tungtungna nya make tarekah we, pikeun baju haneut bulu soang nu cenah mah hargana 1-2 juta. Kuring mah nginjeum we ka babaturan nu asal boga baju haneut. Teu kudu aya bulu soangan ieuh. Lebar temen mun miceun duit 2 juta, ukur dipake sabulan, kadituna eta baju teh diantep. Teu make sense pikeun kuring mah. Sapatu bot, kabeneran aya nu salaki kuring. Kaayaan sapatuna geus matak prihatin. Talapok handapna geus coplok. Sigana eta sapatu teh geus kolot umurna. Eta sapatu teh pamere ti guru kuring, ti saha-sahana mah, duka teuing, guru kuring teu nyebutkeun. Eta sapatu, dibawa ka tukang sol,  diganti talapok handapna. Rupana siga kumaha, ah nya teu pati nyeni ari ditingali ku mata seniman mah. Kamampuan nyeni/senina tukang sol mah semet ‘ngomekeun supaya sapatu aya talapokan handap, bisa dipake, urusan nyeni atawa teu nyeni meureun teu asup itungan’. Pondok carita, sapatu bot teh aya. Logor, eta geus pasti da puguh sapatu lalaki. Ceuk guru kuring mah, kudu latihan make eta sapatu, pan beurat, sigana aya kana 3 kilona mah. Kuring teu openan, keun we beurat ge. Kudu ngarumasakeun ari jalma masakat mah, tong loba kahayang, tong ngareka-reka hayang nu ararendah, kaasup ngalamun make sapatu bot anyar bari hampang.

Pikeun bekel, bisi letah reuwas ku kadaharan Ustrali, ceuk piwejang panitia, mawa we cenah setan-setan (set, ukuran bungkus nu laleutik)  dahareun. Misalna we kecap setan, saos setan, jeung setan-setan lianna. Mawa mih (noodle) oge kudu cenah. Nu disarankeun dibawa teh kayaning saos, kecap, bajigur, bandrek, emih, jeung rea-rea deui. Iwal nu bahanna tina daging, kayaning abon, jeung rendang. Kuring ukur bisa mesem deui we. Aduh kudu sagede kumaha tasna mun kudu mawa pakean, mawa dahareun, mawa laptop, sapatu, jrrd. Kuring mah sigana, moal mawa dahareun, iwal cai keur nginum sabotol mah keur sasayagian salila nunggu di bandara. Kuring rek ngandelkeun pribumi we sapinuhna. Rek dibere roti, dibere kentang, dibere naon bae, salila halal jeung geus galib di dahar ku urang Ustrali, kuring mah miluan we. Keun we ceuk beja ti pembekalan yen dahareun teh teu pati ngareunah, kurang rasa, hambar, ah itung-itung latihan puasa tina ngadahar dahareun nu ngeunah we. Salila ieu ge, kuring mah tara riweuh ku dahareun. Teu manggih sangu sapoe, dua poe, tilu poe, sabulan, sigana moal ngarumas. Naha bisa kitu? Kuring geus biasa dahar nu nyampak. Kuring teu ngudukeun dahar teh kudu sangu. Mun kasampak di imah ukur aya sesa sayur tahu nu diongseng jeung pakcoy, nya dahar eta we, teu disanguan ieuh, wareg. Kuring mah melang ka bapa-bapa nu panggih di pembekalan nu katingal hariwang pisan sieun teu manggih sangu. Pajarna teh ,’aduh abdi mah ripuh, mun teu dahar sangu teh asa tacan dahar, bisa langlayeuseun’. Singgetna, kuring moal mawa emih, atawa setan-setan nu lianna. Keun, ngaranna ge nganjang ka nagara batur, dahar mah narima kumaha disuguhanna we. Supaya kuring teu balanja, euweuh duitna. Sakali deui, jadi jalma masakat mah tong loba ngarep-ngarep dahar ngeunah. Dahar nu aya we, cukup.

Tah salila nunggu waktu piinditeun teh, kuring taya pisan aya hate pikeun bula beuli keur bebekelan di Ustrali. Sabrakna we. Terus, nu lian mah bejana geus rame mareuli oleh-oleh, cinderamata keur pingpinan, dinas, babaturan gawe, jeung kulawarga. Kuring mesem deui. Lamun boga babaturan gawe sa-sakola aya 100 jelema, hadiah keur per jiwa hargana 1 dolar =11 rebu, tah berarti sajuta saratus rebu piduiteunna. Keur pingpinan mah meureun kudu beda. Keur kulawarga, babaturan, dulur, masya alloh, kuring sama sakali teu mampuh nyumponan mere hadiah. Kuring oge dibere saran ku panitia teh, kudu oge mawa hadiah keur host family (indung-indungan tempat kuring ngke cicing di Usrali), keur sakola, keur murid nu di Ustrali ge kudu kaitung. Kuring mah kacida ngarasa beuratna lamun kudu kabeh dicumponan dipangmeulikeun hadiah. Lain teu hayang mere, samporet, teu mampuh. Mun boga duit ge, misalna we sajuta, bakal dibikeun ka salaki kuring pikeun bekel barudak jeung manehna dalahar salila ditinggalkeun ku kuring. Kuring salaku tulang tonggong kulawarga, mun iinditan kudu mikiran naha salaki jeung barudak dahar atawa henteu.

Kulantaran peran kuring mah beda ti para pamajikan nu lian, kuring kudu gawe leuwih loba, ngarah beubeunanganna mahi keur sakulawargaeun. Tah balik ti pembekalan ge, mimiti mikiran naon pigaweeun nu kira-kira ngahasilkeun duit. Aya nu menta pangnerjemahkeun, ditarima. Padahal, kuring anti kana nerjemahkeun teh. Lain teu bisa, eeta sok nyeri sirah jeung puerih panon ari ngagawean nu kitu teh. Nyeri sirah meureun  ku lantaran mikiran eusi terjemahan, nyeri jeung peurih panon, lantaran panon bulak balik kana kerta jeung kana layar laptop ngageder ti isuk nepika peuting, bari ukur ngandelkeun sabeulah panon. Tangtuna ge, nya cape secara fisik meureun panon teh.

Loba keneh nu rek ditulis, ngan kuring kudu gawe nyieun soal jeung kisi-kisi soal.

cag heula


Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: