Home » LIVE » Leumpang 1

Leumpang 1

Mun leumpang mapay-mapay jalan Siliwangi, Mimiti kaluarna ti Pemakaman Sirnalaya 1. Bakal loba titingalian nu bisa kaperhatikeun.

Mun nincakeun suku di daerah pemakaman Sirnalaya 1, misalna we jam 6.30 isuk-isuk. Kahirupan makam geus mitembeyan. Naha make kecap kahirupan? Makam mah umumna asosiasina jeung tempat pikeun mendem nu paeh.  Tapi, di pemakaman Sinalaya 1 mah, beda. Pikeun sabagian masyarakat sabudereun makam, kahirupan teh dimimitian tina makam. Ieu kahirupan teh katingali pisan mah utamana dina poe Juma’ah.

Isuk-isuk dina poe Juma’ah biasana loba pisan nu jarah. Naha poe Juma’ah? Sigana aya patalina jeung kapercayaan yen dina poe Juma’ah mah Alloh nurunkeun loba kapinunjulan. Nu matak nu jarah ka makam teh nyokotna poe Juma’ah. Di pemakaman Sirnalaya 1, aya sababaraha jelema nu ngagantungkeun hirup ti makam. Carana sederhana pisan. Eta jelema-jelema nu gawena tina makam, urang sebut we ‘makamer’, mawa pakakas mangrupa sapu, lap, jeung botol nu eusina cai, dipasieup ke make pakean nu kacida basajanna.

Dimana aya nu jarah, makamer bakal gancang nyampeurkeun. Ngagimbung nu keur jarah. eh enya, makamer teh lolobaba awewe tengah tuwuh kalayan baroga anak rendey. Makamer bakal buru-buru gegesut sasapu ngaberesihan sabudereun makam nu keur dijarahan. Ngepyak beberesih, aya oge nu ngelapan keramik make lap baseuh. Nu ngado’a mah teu dipalire. Terus, sakapeung sok aya ‘makamer lalaki’ nyampeurkeun. Manehna sok nawarkeun mingpin hadiah (ngadu’a husus keur nu maot), aya oge nu nawarkeun bisi nu jarah rek dibantuan pangmacakeun surat Yasin. Makamer lalaki ieu, tangtuna ge, nawarkeun teh lain murni ibadah, tapi menta buruhan. Buruhan tina maca Yasin atawa Hadiahan. Sabaraha hargana? Nya rupa-rupa, gumantung kana kaboga nu keur jarah. Ngan sigana kawas aya aturan teu tertulis, yen merena kudu leuwih ti 10 rebu.

Sanggeus nu jarah rengse ngado’a, makamer nu tadi sasapu, ulap-elap tea, menta buruh. Tah pikeun nu kakarak ka makam mah bakal ngarasa reuwas. Geuning ibadah teh jaman ayeuna mah aya taripna. Nu jarah mere duit sabaraha oge, bakal ditarima. Nu jadi matak seunggah, nyanghareupan jumlah makamer. Upamana bae aya 10 makamer nu ngagimbung, mun saurang dibere 5 rebu, dikalikeun sapuluh urang, atuh boborot kudu mere 50 rebu. Beurat pikeun jalma nu kaayaan ekonomina pas-pasan mah. Mun mere sarebu, asa teu tega, mahi keur naon duit sarebu dina jaman kiwari? Mere receh komo deui piraku.

Sabenernam mun nu jarah merena 5 rebu, engke eta duit di-bagi2-keun ka para makamer. Maranehna nyaho saurangna kudu meunang sabaraha, maranehna geus boga hirarki kakawasaan ala makam.

Kahirupan lian nu datangna tina makam, nyaeta ngajahul. Ngajahul teh nyaeta nyirian makam ku batu sanggeus nu maot dipendem 7 poe. Pikeun nu rada otoriter mah, sok aya makamer nu datang kanu kapapatenan pikeun ngajahul kalayan tarif ‘sakitu’.

Panghasilan nu jelas tina makam mah, nya datang mun aya nu ngubur. Kulantaran nu ngubur di pemakaman Sirnalaya 1 mah saban poe aya, kadang sapoe aya 5. Nya kondisi ieu bisa jadi patokan panghasilan. Biasana, sarengse ngurebkeun, makamer dadakan bakal daratang. Makamer dadakan mah biasana bebenyit, jumlahna puluhan. Mun aya nu dikurebkeun, eta makamer dadakan jul-jol, duka timana, nyaho-nyaho geus ngagimbung we. Sakapeung mah jumlah lain 30 urang atawa 40 urang, tapi nepika 100an urang. Katambah ku makamer tetep, jumlahna bisa nepika 130an urang.

Ayeuna urang itung-itungan panghasilan. Mun tina sakali ngurebkeun meunang  5 rebu, dikalikeun 4 kali duit salawat (mere duit mun geus beres ngamakamkeun), 20 rebu. Eta tina nu ngurebkeun, acan tina nu jarah. Matak teu heran mun nu ngandelkeun kahirupan tina makam teh beuki dieu beuki loba.

Terus, ayeuna leumpangna maju ka jalan utama nyaeta Jalan Siliwangi. Dina pudunan, bakal papanggih jeung nu musapir, awewe geus kolot. Manehna diuk aniprek dina gili-gili jalan. Nu matak narik ti ieu nini-nini, nyaeta irungna. Irungna teh songhek. Mun aya nu liwat bakal nyarita kieu, ” Neng sodakohna?’

Pertanyaan “Neng sodakohna?’ Ngandung harti yen manehna nagih ka nu liwat. Mun kalimatna kieu mah, “Neng manawi bade sodakoh?” tah eta mah nanyakeun susuganan nu liwat rek mere sodakoh.

Panutupna, samemeh asup jalan raya, aya lahan diaspal rada lega saeutik. Tempat ieu teh pinuh ku barudak nu maen bola. Tong reuwas mung bola sepakna, ngajaul keuna kana beungeut. Barudak teh anteng we maraen bal, tara nolih mun balna nyiksa nu liwat. Matak teu heran mun loba nu liwat nu kabadug atawa narima paninggang bola nu ngadadak geus ngageduk kana sirah langsung ngoceak kaluar basa sasatoan. Meureun manehna nganggap mun barudak mah lain jelema tapi sato.

Engke urang teruskeun leumpangna, cag


2 Comments

  1. Ozy Bojot says:

    100% SUNDA[?][?]

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: