Home » CIANJUR » LAPANG JOGLO Episode 2

LAPANG JOGLO Episode 2

Dina saminggu nu akhir ieu, kuring 2 kali datang deui ka Lapang Joglo. Nu kahiji mah anak kuring hayang ulin ka babaturan teka(TK)na nu kabeneran imahna di sisi Lapang. Kuring teu apal mun di eta lapang aya kariaan jeung raramean. Cenah mah aya pameran pembangungan. Kajurung ku panasaran, kuring ngalengkah, ngadatangan lapang. Ngabring jeung anak kuring, oge babaturan anak kuring mapayan stand-stand nu ngajajar, ditiungan ku plastik (=matak hareudang). Sup ka stand kahiji, cenah ti Lingkungan Hidup, kuring nanyakeun Biopori, maranehna nyebutkeun yen Biopori hargana 3 juta, ah teu kabedag, kuring nanyakeun naha bisa milu make, ari ceuk nu jagana mah bisa.

Sup deui ka stand nu eusina matak resep budak. Di jerona gang ging gung, keur nyetel CD nu eusina nyaritakeun kagiatan tantara, Raider nomor sakitu, teu karekam ku kuring nomerna mah. Nu jagana budak ngora, nerangkeun ngeunaan latihan-latihan nu aya kaitan jeung urusan perang, bela nagara jeung nyalametkeun rahayat. Anak kuring teu daek kaluar, padahal panasna nataku, rohangan 2 x 2 m, taya angin pisan, dibarung ku sora ti ditu ti dieu, teu puguh dengekeuneun; bayeungyang. Teu karasa ampir magrib, kuring buru-buru balik.

Ampir poho, samemeh asup ka stand, kuring ngadeukeutan papanggungan. Aya nu keur midangkeun silat, sigana mah keur dilombakeun. Kuring kataji pisan ku pamilon-pamilonna , masih keneh barudak keneh tapi alus pisan gerak jeung rigigna pas jeung dora kendang. Ngajengjen we kuring teh nongton silat. Heueuh, mun silat dijadikeun motto Cianjur Maenpo disebutna, tapi kuring salaku pituin urang Cianjur teu bisa jeung teu wanoh kana gerakan jeung mangfaat maenpo. Bedana maenpo jeung silat wae kuring mah lebeng teu apal.

Nu kadua, kuring datang deui ka Lapang Joglo keur nuturkeun kahayang anak kuring nu kahiji, cenah hayang ningali pameran, panasaran aya naon wae nu dipamerkeun, ari ceuk kuring teh, lah teu rame ukur ngagimbung jelema we pagaliwota. Tapi anak kuring keukeuh hayang ningali. Nya bari rada kaleked oge, kuring indit hohonjean kana motor.

Nepi teh jam 3an. Rame, campuh. Teu puguh dengekeuneun, sora lagu, sora band, sora speaker, sora nu ngobrol, ah matak teu mahi ceuli. Anak kuring nu leutik ribut hayang naek kareta api. Nya naek, aipek mahal pisan, 2 kuriling (kurang leuwih 7 menit) 5 rebu/jelema, atuh kuring mayar 15 rewu. Keun we mahal ge , asal anak kuring ngasaan naek kakaretaapian. Turun tina eta, mapay stand nu geus parongpong, da cenah rek penutupan poe eta teh. Kuring asup ka Stand nu nawarkeun cai Enteh. Kuring nyobaan, teh putih, teh oolong, teh malabar, teh takokak, rupa-rupa enteh. Nu kapikiran ku kuring bari ngaregot nginum, enya Indonesia, nagara nu kawilang subur, melak enteh rupa-rupa, tapi tacan kadenge aya “Kedai Teh” atawa upacara “minum teh” siga di Jepang. Nginum cai Enteh, teu aya istimewana asana keur urang Indonesia mah, sakadar nginum we. Ukur naheur cai, asupkeun entehna kana teko, banjur ku cipanas, jadi we cai enteh, nu kentel ipisna rasa entehna gumantung kana sabaraha loba entehna nu diasupkeun kana tekona. Padahal ayeuna keur meuweuh di iklankeun yen aya teh herbal nu bisa ngubaran rupa-rupa panyakit. Bakating ku hadena hasiat enteh, nepika aya enteh nu ngakukeun bisa ngabegangkeun sagala.

Pamarentah Indonesia sabenerna bisa ngamangpaatkeun enteh nu aya di sakuliah Indonesia nu loba rupana pikeun di ekspor. Ngan ayeuna mah sigana pamarentah moal kaburu pikeun mikiran enteh. Nagara kuring keur gering parna. keur malikiran duit. Aya kecap anyar nyaeta”denominasi”. Pamarentah cenah rek nurunkeun angka, tina 1000 rupiah jadi 1rupiah. Mun barang nu asalna boga harga 120.000, jadi 120. 3 enolna dipiceun. Kunaon cenah make dipiceun, loba jawabanna teh. Nu kahiji, angka duit urang jeung duit dollar, komo yen mah jauh tanah ka langit teuing. 1 dolar sasaruanna ampir 10.000. Matak teu heran aya nu nyebut duit Indonesia mah “garbage money”, nu hartina kurang leuwih “duit runtah”. Pan dimana-mana ge runtah mah harkatna goreng, Atuh mun duitna geus dianggap runtah, kakuatan duitna ge pasti hengker, matak kudu dibere tanaga kujalan enolna dipangkas.  Kacipta we, meuli kurupuk nu biasana 1.000 rupiah jadi 1 rupiah, asa ngagejlok.

Balik deui ka Lapang Joglo. Kuring meni ngarasa watir pisan. Lapang nu ngemploh hejo teh, ledok, teu beda ti pangguyangan munding; leutak, cai, runtah, pagalo matak hoream nincak. Di beulah wetan nu dipake papanggungan, sabudereunna medok pisan. Nu nongton nyarisi, teu kapikiran pikeun ngurug atawa ngaboborkeun caina supaya teu nambah medok. Ngeser saeutik ka kulon, lapang nu sakitu alusna teh dipake Korsel. Taneuhna leuwih ruksak, sajaba ti medok teh, jukut-jukutna paraeh. Korsel nu nancebkeun tihang-tihang beusi kana taneuh, wangunan korsel saperti “kukudaan” nutupan taneuh, otomatis jukut nu aya dihandapeuna teu kasorot panon poe. Lebar pisan.

Kagitan nu dilaksanakan di lapang Joglo estuning teu “ramah lingkungan”, pajauh jeung motto ” green and friendly”


Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: