Home » LIVE » NU GELO

NU GELO

Aya nu gelo, awewe, umurna sigana 30an, ceurik lolongseran dina trotoar jalan. Sareret katingal rambutna nu galing muntang.

Kuring biasana teu pati paduli kanu gelo. Saperti kanu gelo matuh nu aya dihareupeun SMP 1, sarua eta ge awewe, ngan geus rada kolot saeutik. Mimitina mah teu nyangka gelo ka manehna teh, da bajuna beresih, awakna beresih, ngan nu beda the pedah ngaroko melenyun dihareupeun umum. Hal nu teu pati galib keur awewe ngaroko di sisi jalan. Naha ngaroko di hareupeun eta hartina gelo? Henteu tangtuna ge. Kanyahoan gelona teh, salain ti ngaroko, manehna teh ngomong sorangan, taya eureunna, ngecebrek, duka teuing ngomongkeun nanahaon. Teu kahaja, saban poe kuring papanggih jeung nugelo matuh tea, da nongkrongna saban isuk sok aya dijajalaneun ka tempat kuring gawe. Sok kapikiran, ari manehna sare di mana. Tapi teu lila mangmikirankeun manehna dan kuring kalebuh dina pagawean rutin kuring pribadi.

Nu gelo nu tadi katinggal saliwat, mere pangaruh gede kana pikiran kuring. Eta ceurikna, bangun kanyenyerian. Matak watir. Kuring teu nyaho naha ari nu gelo ngarasa sedih kawas nu waras? Atawa manaehna boga rarasaan, do they have feelings? Do they feel? Lamun disebutkeun teu boga rarasaan, pernah ningali nu gelo keur barangdahar. Eta haratina nu gelo boga rasa lapar matak dahar supaya laparna kaubaran.

Ayeuna nu gelo ceurik kanyenyerian, ngabangingik sisi jalan, naha enya eta teh ceurik lantaran haying mere nyaho ka sakabeh jelema yen dirina keur sedih (showing grief).

Atawa manehna jadi gelo lantaran teu kuat nahan kasedih? Nepika keur gelona ge nu ditunjukeun ku manehna kasedih ku jalan ceurik kanyenyerian.

Kuring saperti nu bisa ngarasakeun kanyeri manehna, tina sora ceurikna, padahal ukur kadenge saliwat, pas kuring ngaliwat.

Kuring nyaho yen jeung nu gelo teu bisa komunikasi. Naha? Kungsi kuring nyobaan kontak jeung nu gelo. Kajadianna sababaraha bulan ka tukang. Waktu kuring balik ti pagawean, barang rek mengkol ka lembur, disisi jalan, aya nu gelo budak lalaki, umur belasan sigana mah. Bulucun teu make baju sacewir. Kuring ngarasa watir, meureun tirisin, atawa meureun era. Teuing kumaha, kuring balik deui manggihan eta nu gelo, nu nagog, ku kuring dibere calana. Maksud teh sina dipake. Tapi dihayoh-hayoh teh sina make calana, teu ngalieuk-lieuk acan. Di sabeulah jalan aya bapa-bapa nu ngagorowok yen kuring ulah ngadeukeutan nu gelo bisi ngamuk. Teu kapikiran ku kuring, dina pikiran kuring mah ukur aya rasa karunya we. Calana buntung teh ku kuring disampaykeun kana taktak budak rumaja gelo, ditinggalkeun we, da teu nyaho kudu kumaha carana nitah make calana kanu gelo.

Beuki dieu asa beuki sering kuring ningal nu gelo kuralang kuriling di tengah kota. Kuring teu nyaho, naha kudu nulungan atawa ngantep we sakumaha umumna jelema waras upama nyanghareupan nu gelo.

Ari nu luar negeri aya nu gelo teu nya? Meureun henteu dan kaburu dipake penelitian jeung percobaan jelema waras.

Baheula mah mun aya nu ngomong ngacabrul, ngacapruk teu matak kaharti ceuk nu waras, sok dianggap sedeng. biasana teu antaparah deui sok disingkurkeun, diborgol bisi ngamuk, bisi ngarogahala, bisi mahala jeung rea-rea sangkaan nu bakal dipigawe ku jelema teu eundan.

Jaman ayeuna mah teu meunang nyangcang jelema nu dianggap teu waras  atawa ngurungan nu gelo di hiji tempat, eta teh ngalanggar hak asasi manusa cenah.

Nu gelo jaman ayeuna mah sok ditaranggap mun keur cumarita teh. Malah mah caritaanna nu teu matak kaharti kunu waras teh diarulik, dipalikiran naon pimaksudeun nu sabenerna. Nu matak teu heran, kabehdieunakeun aya golongan jelema nu ha’at ngabahas omongan nu gelo maranehna nyieun Team (dibaca: tim). Tugas eta Tim teh estuning husus ngumpulkeun omongan nu gelo, terus eta omongan teh dibukeun, dibagi-bagi kana pasal-pasal. Sanggeus rengse eta omongan nu gelo teh jadi buku, buku dibewarakeun kanu waras, dihiap-hiap nu waras teh sina maraca eta buku.

Atuh nu waras giak nolak kana eusi buku meunang nu gelo. Nu calageur uteukna buru-buru nyieun rapat dadakan pikeun mereskeun kahayang nu gelo nu geus jadi pasal-pasa:l nu boga kakuatan hukum pidana mun ku nu cageur teu diturut.

Rapatna teh lila, atuda teu gampang paham kana basa nu gelo mah, kudu aya ahli basa nu husus ngarti kana jargon jeung slank basa nu gelo.  Padungdengan antara nu cageur nepika meunang hiji kacindekan nu engkena bakal dibadamikeun deui jeung nu gelo, tangtuna ge dina rapat!

Tah nu gelo jeung nu waras teh rarapat, baradami, maranehna mah sok make basa nu hade ngaistilahkeunna teh sharing jeung open hearing (sillih dengekeun kahayang). nu gelo ngahaok hayang paniatanna disatujuan ku nu waras. Nu waras ge teu eleh geleng, ngahoak, da dina suhseuhanna piraku nu waras kudu nurut, tumut, jeung tuhu kana pituduh nu gelo. Tungtungna ruang rapat teh saheng. Kulantaran nu gelo mah sok lali ditemah wadi, rapat nu kuduna lancar jeung ngabuahkeun hiji kasapukan, robah jadi patarik-tarik urat beuheung. geus urat beuheungna teu metu, ganti jadi pakuat-kuat jangjang. Campuh! teu beda we ti perang Baratayuda. Perang suci nu marebutkeun bebeneran. Pihak Pandawa ngarasa bener, pihak Kurawa nya kitu keneh, nu matak perang teh bener-bener nguwak ngawik kadua beulah pihak. Teu nyesa, ukur ninggalkeun kahanjelu.

Perang campuh antara nu waras jeung nu gelo ge, nya kitu teu pati beda ti perang Baratayuda. Mun dina Baratayuda mah senjata nu dipake teh katingali pikagimireuna, saperti panah Pasopati nu Arjuna jeung Kuku Pancanaka Bima. Dina perang nu waras ngalawan nu gelo mah, senjata teu katingal, dina istilah anak kuring mah nu teu katingal teh disebutna teh gaib. Senjata nu garaib teh matak ngakibatkeun karusakan permanent – damage  (karusakan nu teu bisa diomean deui). Contona nu gelo teh nyebutkeun yen manehna boga gas, ceuk manehna mun hayang senang nepika 7 turunan, eta gas teh kudu dijual ka luar na. Nyieun kontrak perjanjian jual beuli gas keur 20 tauneun kahareup. Ku nu waras mah ditolak eta kahayang teh, tapi dina waktu harita nu gelona leuwih ti 51% tina jumlah nu hadir, nya ahirna gas teh dijual. Ayeuna rayat jadi masakat dan kudu meuli gas nu mahal, sementara gas nu murahna mah geus dijual kanagara deungeun.

Nu waras mun ngawalawan nu gelo, sok asor wae. Nu waras sok make kecap “ma’lum”. Dimana aya nu teu kahontal ku akal sehat, geus we diheu’euhkeun, da ma’lum cenah ieu mah meunang nu gelo, nu waras kudu ngahampura.

Nu matak teu matak heran, nu garelo teh ayeuna mah bararebas. Bebas ngomong, bebas cocorowokan, bebas mubat mabitkeun bedog di tengah jalan, bebas maledogkeun baatu kana kareta api, bebas ngaduruk gambar presiden jeung bandera, bebas ngalakukeun naon bae, bebas nu sabebas-bebasna da geus meunang ijin ku jalan digolongkeun kudu di ma’lum tea dan puguh atuh nu gelo mah jelema teu jejeg.


Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: